23. Nu Kakalayangan & 24. Ngatur Rijki
23. Nu Kakalayangan
Source :basasunda.comSaurna Indung Dunya,
Geura ulin, geura ulin
Utun
Sok geura ibur
Ngarah maneh boga batur
Milu kukurilingan
jeung maneh
Bebas,
Bubudakeun,
Beuki kakalayangan
Resep ka mana-mana
Neang nu teu paruguh
Ngarah boga batur
24. Ngatur Rijki
Source :basasunda.comHe.. Angin
Papancen hirup andika
Sebar sumebar rijki
Ti Hyang Rahman
Keur sakum-sakumna
Nu harirup
He.. Angin
Sok ari hayang kakalangan mah
Bari berekeun
Baturan Mega
Ti kulon ka wetan
Ti kidul ka kaler
Jug geura nindak!
Posting Komentar untuk "23. Nu Kakalayangan & 24. Ngatur Rijki"