25. Angin Timur & 26. Cahya Carek

25. Angin Timur 

Source :basasunda.com 
 
Engke mah kami
Bakal ganti rupa
Tina nu sok ngalayang
Jadi nu laleumpang
 
Dina mangsa
Geus marengkeun kami
Anggoan raksukan hideung
Ngacaukeun dunya
Nu dipikanyaho kiwari
 
Kami bakal ngajurit
Neangan perlaya
Ka kaom nu ingkar
Tina kayakinan kami

 

26. Cahya Carek 

Source :basasunda.com 
 
Putra kadua
Pareng saenggeus Angin
Purah nyumput
Sakali kaluar
 
Pikasieuneun
Pasea wae jeung Pertiwi
Turunan Cahya Palita
Sok hayang wae balik
Saenggeus jebul