36. Bumi Endah & 37. Benteng Alam

36. Bumi Endah 

Source: basasunda.com
 
Manon kana pamandangan
Nineung ati
Nineung sawarga
Cinta
Tengtrem
Tiis ceuli
 
Herang mata
Mesemna Hyang Rahman
Di Tatar Parahyangan
Singgasana Rahyang suci
Di palataran Wisnu
Ngantunkeun jenengna

 

37. Benteng Alam

Source: basasunda.com
 
Narantung jangkung
Sigep mohal ingkah
Najan Indung Hirup
Ngabaya ka Dewi Pertiwi
Mere pangiuhan
Tina tepna Dewi Sarangenge