39. Dua Malak

39. Dua Malak 

Source: basasunda.com
 
Kami mah aya
Di unggal taktak
Kami mah ningali
Kami mah nyakseni
Kami mah nguping
Kami mah nunutur
 
Ka mana wae anjeun?
Kumaha wae anjeun?
Nanaonan wae anjeun?
Mere naon anjeun?
Ngomong naon wae anjeun?
Eling teu anjeun?
 
Pok Hayang Naon?
Gusti Hyang Keresa
Hoyong teu maot
Di angkasa
Gusti Hyang Keresa
Hoyong teu katingali
 
Ku jalmi-jalmi
Gusti Hyang Keresa
Hoyong hiji turunan Al Jan
Jadi Ratu di hiji langit
Gusti Hyang Keresa
 
Hatur nuhun
Sadaya puji kagungan
Gusti