44. Musuh Salawasna & 45. 5000 Taun

44. Musuh Salawasna

Source: basasunda.com
 
Kaburu ku napsu
Kabengbat panggoda
Kapikat manisna pangajak
Hasad ka nu jadi manusa
Teu rido kana takdir
 
Jangji dugi pati
Nunutur anak Adam
Nyalindung ka nu Maha Agung
Ti musuh nu saenyana
Tina tipu daya
Kana amisna dosa

 

45. 5000 Taun 

Source: basasunda.com
 
Cinta,
Kanyaah,
Pasea,
Paadu-adu,
Silih ala pati,
Silih babantu,
 
Roda kahirupan tutuluyan muir
Manusa mah tetep manusa
Lain nu sampurna