46. Papasangan Alam & 47. Ngalap Kasih

46. Papasangan Alam

Source: basasunda.com
 
Dua mahluk sajodo
Tina dua pasipatan
Mamanisna hirup
Papaitna jaman
 
Geus Kadarna
Ti Hyang Widi
Sajodo tina dua
Pasipatan nu bareda
Kacipta kakuatan taya tanding
 
Ajeg moal lebur
Kasaimbangan nu pinasti
Keur jembar hate
Keur ubar manah

 

47. Ngalap Kasih

Source: basasunda.com
 
Duh Gusti Pangeran abdi
Abdi dolim ka diri
Gusti Pangeran abdi
Tulungan abdi
Dina pangumbaraan
 
Milari anu dipiasih
Paparin abdi pituduh
Cinta saendah layung
Keudeung nanging karasa