50. Pertiwi & 51. Pikeun kamakmuran

50. Pertiwi

Source: basasunda.com
 
Paturay jeung Sawarga
Na bet kurang kumaha
Kami welas asih
 
Ka aranjeun
Na bet anjeun jalir kana jangji
Joledar tina piwarang Kami
Sok am buah-buah sawarga
 
Iwal ti hiji
Bet naha anjeun teu tumut
Geura turun siah
Maraneh mo sakali-kali
Ngambeu tatar kahyangan
Maraneh bakal silih ala pati
 
Diantara turunan maneh
Maraneh bakal ngarasa kasusah
Salila cicing di Pertiwi

 
 

51. Pikeun kamakmuran

Source: basasunda.com
 
Kami dicipta
Ngalangkungan Rahmat
Diselapkeun sababaraha rijki
Pikeun Putra
Putra Langit Putra Pertiwi
Jeung Putra ti Indung Dunya
Siki-siki kahirupan
Dibawa ku kami
Pikeun kamakmuran
Nu bakal jadi pamingpin
Nu ngokolakeun kami sadaya