PAMAYANG (Karya : Rachmat M. Sas. Karana)

PAMAYANG (Karya : Rachmat M. Sas. Karana)

Source : basasunda.com
“PAMAYANG”

Bulan imut, ngangkleung di langit
Budak ulin di buruan
Angin darat muru ka laut
Pamayang nyolendang korang

Parahu leutik laju nyiriwik
Nganteur usaha di sagara
Warna perak‘na beungeut ombak

Beuteung lauk tingborelak
Nu jadi harepan pikeun kahirupan
Laut lega paparin Pangeran