PANGBALIKAN (Karya : Wahyu Wibisana, Ciawang)
PANGBALIKAN (Karya : Wahyu Wibisana, Ciawang)
Source : basasunda.com“PANGBALIKAN”
Iuh, iuh gunung kuring
angin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungan
dumeh hirup halabhab cinta
di maranehna nya ayana
Aya sababna kuring tibelat
aya sababna kuring pegat
tapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina hate ngawih deui
Iuh, iuh gunung kuring
nyata, nyata tanda-tanda
ngabalungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rek asup
ka maranehna kuring rek balik
ka maranehna kuring rek pamit
Nyiruan dina pancuran
titeuleum méh baé paéh
Titiran nenjo Nyiruan
kanyaah mapaés haté.
Geuwat metik dangdaunan
diragragkeun kana cai
ngarayap éta Nyiruan
teu tulus nemahan pati.
Titiran ku paninggaran
diintip-intip dipanah
Nyiruan mulang tarima
nyeureud bitis paninggaran.
Paninggaran ngagurubug
teu tulus manah Titiran
geus lésot kabéh bangbaluh
lantaran silih tulungan.
Gurat angin jadi haleuang
Asih urang dina dalingding
Halimun jadi panuyun
Kana hemana salira
Katampi deudeuh nu geugeut
Dimumulé dina haté
Cahaya natrat sumirat
Nyaangan bagja dua’an
Mugia ulah lekasan…