Sajak Tentang Corona Bahasa Sunda
Sajak Tentang Corona Bahasa Sunda
Source : basasunda.com“Korona Karya Kang Emin”
  Kaum muslimin muslimat
  Hayu urang ningkatkeun ta’at
  Geura giru urang tobat
  Tina dosa jeung maksiat
  Alam dunya keur geunjleung
  Ku panyakit matak keueung
  Virus corona keur mangkreng 
  Nyebar alabatan wereng
  Ulah gempar tetep tenang
  Tapi ulah ngaganggap gampang
  Bisa jadi virus nyerang
  Upami alloh miwarang 
  Ku kituna pék caketan
  Alloh nu maha rohman
  Usaha batin sasarengan
  Ku ngajaga kasehatan 
  Mun pareng rék udar-ider
  Boga wudhu masing angger
  Dicadar atawa di masker
  Awak séhat, cageur, bageur 
  Mugi gusti ngahampura
  Abdi sadar jeung rumasa
  Awak bobolokot ku dosa
  Nu matak datang bencana 
“Corona Karya Dani R”
  Virus corona asal ti china
  Ayeuna aya di mana-mana
  Ku ayana virus corona
  Ayeuna urang teu bisa kamana-mana
  Sakola, gawe, kudu di arimahna
  Kudu kumaha urang ayeuna? 
  Hayu urang sami-sami panjatkeun du’ana
  Serahkeun kanu kagunganana
  Kanu ngusik malikeuna
  mugia urang sadayana
  di tebihkeun tina bencana virus corona