Sajak Keur Bapa (WARISAN BAPA) Karya: Ato Suharto

Sajak Keur Bapa (WARISAN BAPA) Karya: Ato Suharto

Source : basasunda.com
“Keur Bapa”

Bapa..

Bobolokot ku kesang
Sirah dijeun suku
Teu gedag ku rasa hoream
Ikhlas lain reka nu dipulas
Anjeun nyorang harungan
Pikeun kuring sangkan hirup sugema

Bapa..
Anjeun eunteung kahirupan
Ciri sajati lalaki
Anu satia tur tanggung jawab
Kana kodrat pamingpin kulawarga

Bapa..
Kaluhungan anjeun
Dina majuangkeun kulawarga
Warisan nu pohara mahal hargana
Harta eta bakal dimumule
Pikeun wariskeuneun anak incu engke