Translate

Sajak Hirup (Kampung tumaritis)

Sajak Hirup (Kampung tumaritis)

Source : basasunda.com
“Hirup”

Dihirupan lain teu ngahaja
Diciptakeun lain di aya aya
Teu hade katungkul ku sumoreang ka tukang
Teu hade katungkul ku ngagugulung udagan

Waas ku ngajul bentang
Tapi teu inget kana daratan
Reueus ku ngahontal kahayang
Tapi teu eling kana ageman

Poma eling mangka eling
Baheula kudu jadi pepeling
Ayeuna sing jadi panggeuing
Isukan tong ngagugu kapusing

Ulah ngukut nafsu kapegung
Kahayang moal manggih tungtung
Sing tarati tur gumati
Turut tinumut ukur ka Gusti

Hirup teh cita-cita
Ngudag ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh ibadah Rela ikhlas ngumawula

Sajak Hirup (Kampung tumaritis)

We do not own this content and this content credits to their respective owners listed in the source link. Hopefully useful and share this app.

Design and Coded by www.idblanter.com www.blantertheme.com www.blantermedia.com (Rio Ilham Hadi) 08888905441